Tati :”Cing nambut sabun ih!”
Eva :”Kumaha nyaaa…..moal tiasaa”
Tati :”Euuuuh medit pisan”
Eva :”Nambut…nambut…menta kituh…sabun nambut!!!”
Tati ngaleos
Rabu, 03 Februari 2010
Tato
Ado :”Bapa uingmah dina awakna aya tatoan gambar naga siah!”
Adi :”Komo bapa uing mah dina dadana tato garuda!”
Ade :”Bapa uingmah tatona saawak-awak siah!
Ado+Adi :”Gambar naon?”
Ade :”Teuing gambarnamah teu jelas, kitu we totol-totol barodas ning!”

Ngabedakeun
Momon :”Kumaha cara ngabedakeun antara nu kencing manis jeung nu jengkoleun?
Maman :”Gampang atuh! Ari nu kencing manis mah ompolna sok digembrong sireum, sedeng ari nu jengkoleunmah ompolna dijarauhan sireum, da sieuneun mabok!

Klise
Babang :”Disisik-sidik mah nini maneh bet jiga kliseu euy!”
Bani :”Naon kliseu teh?”
Babang :”Heueuh negative pilem! Geura we ari buuk bodas, ari awak hideung!
Bani :”Siiii siah…ngahina!!!”

Basa Indonesia
A :”Ari basa Indonesiana sieun?”
B :”Takut”
A :”Ari kasieunan?”
B :”Ketakutan”
A :”Ari basa Indonesiana era?”
B :”Malu!”
A :”Ari kaeraan?”
B :”Kemalu…..ah teuing etamah ketang!”
B :”Takut”
A :”Ari kasieunan?”
B :”Ketakutan”
A :”Ari basa Indonesiana era?”
B :”Malu!”
A :”Ari kaeraan?”
B :”Kemalu…..ah teuing etamah ketang!”
Nikreuh
Aya nini-nini andiprek disisi jalan. Keur kitu aya nu ngaliwat, sarta nanya. “Keur naon Nini, andiprek di sisi jalan?”
Nini :”Puguh keur jajaluk, nini teh lumpuh, Ujang”
Nu ngaliwat :”Sareng saha atuh nini kadieuna tadi?”
Nini :”Ah nikreuh we sorangan…!”
Nu ngaliwat :”Haaar ari si nini….

Mikroskop
Adun :”Umur-umuran kakara dewekmah ningali kutu sirah sagede jempol suku!”
Udin :”Anjiir…na mani gede-gede teuing…dimana euy?”
Adun :”Dina mikroskop…..”

Keur Neangan
Ibro :”Keur naon ilaing titatadi mukaan buku telepon wae?”
Sadang :”Keur neangan nomer telepon Osama Bin Laden!”
Ibro :”Cageur?”

Liwet
Juned :”Kunaon silaing teh katingalina jiga anu laleuleus kitu?
Jumad :”Puguh geus saminggu teu kararaban kejo saremeh-remeh acan!”
Juned :”Euleuh….mani watir temen…dahar naon atuh sapopoe kamari?
Jumad :”Untung we manggih liwet unggal poe teh,jadi teu leuleus teuing….”
Juned :”Dasar gejul”

Pada Hayang
Tukang Es :”Hayang teh halodo nya”
Tukang Bajigur :”Sidik kuringmah hayang hujan”
Tk. Bubur :”Ah..kuringmah rek usum halodo rek usum hujan ge bae weee. Kuringmmah hayang soteh payuuuu…”

Meh Teu Rugi Teuing
Udin :”Beu…kaya kieumah moal tulus euy kawin teh..”
Manap :”Kunaon kitu?”
Udin :”Teu nyangka euy..Neng Susi teh geus midua kuring. Manehna geus boga kabogoh deui. Mangkaning kuring teh geus meuli cingcin kawin..”
Manap :”Kumaha atuh?”
Udin :”Ayeuna mah tulungan uing, Nap…baturan uing nepungan si bebengok kabogoh neng Susi euy….”
Manap :”Sabar euy Din…teu hade riributan perkara awewe mah….era…”
Udin :”Na da uing mah lain rek ngajakan ribut barinage…”
Manap :”Rek naon atuh?”
Udin :”Rek ngajual cincin kawin,meh teu rugi teuing we atuh…”

Komo
Totong :”Tang, kunaon minggu ieu kaciri ku dewek maneh mani alum ngungun kitu,kawas nu boga masalah beurat pisan?”
Tatang :”Teu rek alum kumaha, dewek teh karek diputuskeun ku si Eti, teu gugur teu angin ujug-ujug megatkeun hubungan. Mani nyeri hate, asa dibentar gelap. Da kacida bogohna dewek teh ka menehnateh.
Totong :”Alah ari maneh….da dunya teh teu sagede daun kelor….montong dipikiran atuh. Angguranmah neangan deui we da loba keneh nu leuwih geulis ti si Eti siga Ikeu, Irna,Dara atawa Dina”
Tatang :”Komo ka neng Ikeu atawa Irna, Dara nu sakitu gareulisna, cacakan ka si Eti anu teu geulis wae oge kuring geus ditalipak, komo deui kunu geulis meureun….”
Totong :”Teuing atuh ari kitumah”

Gulung Tikar
Akang :”Cenah di Garut loba pangusaha anu garulung tikar!”
Ayi :”Nya pantes we da ti baheula ge kitu…”
Akang :”Naha?”
Ayi :”Apanan daganganana ge samak wungkul, maenya we teu digulunganmah,
diamparkeunmah bayatak atuh meureun….!!”
Akang :”Dasar rieut…!”

Hese Ngajawabna
Aya pamuda kurang hideng asup ka rumah sakit
Pamuda :”Dokter, saleresna abdi teh udur naon cing?”
Dokter :”Sugan eta….naha bet nanya ka kuring…”
Pamuda :”Ari itu…kunaraon bet teu daramang?”
Dokter :”Nya loba panyababnamah,barareda”
Pamuda :”Ari Dokter nyalira panyawat naon? Naha didieu wae teu damang damang geuning?

Wajar
Basa aya dua jalma tuna netra keur maraen catur, Si Sadun ngadeukeutan hayang lalajo
Tuna Netra 1 :”Skak….”
Tuna Netra 2 :”Skak ku naon?”
Tuna Netra 1 :”Kubenteng”
Si Sadun :”Etamah lain benteng, kuda da”
Tuna Netra 1 :”Jempe atuh tong pipilueun, wajar we salah saeutikmah, sidik kami mah teu narenjo”

Laporan
Nu lapor :”Lapor, Pa..”
Pulisi :”Aya naon?”
Nu lapor :”Ical konci motor, Pa..”
Pulisi :”Nyieun deui we atuh duplikatna,teu kudu laporan kadieu sagala!”
Nu lapor :”Numawi icalna teh sareng motorna,Pa…!!

Kembung Beuteung
Ade :”Kembung beuteung euy…..”
Udi :”Manehmah tambarakan atuh da barangdahar teh….angin wae didahar…!”
Ade :”Yeuh pek tah atuh jang maneh..” (bari brot..ngabekok)

Cinta Buta
Jajaka :”Ari nu disebut cinta buta teh naon euy?”
Jajaka :”Nu lolong jeung nu lolong… bobogohan”

Selasa, 02 Februari 2010
Nyapih
Bi Aman :"Ih Euceu..kumaha nya itu pun anak mani sesah lirenna enen teh.."
Bi Iam :"Cobian ngangge batrawali. Tapi engke gentosna ulah dipasihan dot, ku gelas we.."
Bi Aman :"Na kunaon pami ngangge dot kitu?"
Bi Iam :"Upami ngangge dotmah sok langkung sesah nyapihna"
Bi Aman :"Justru nganggo gelas langkung sesah ngalirenanana,pun bapa dugi ka pupusna upami ngaleueut teh kedah ngangge gelas wae. Alimeun dipasihan kanu dot teh.."
Bi Iam :"Aeh muhun nya..hehe"

Aya Jarak
Jajaka :"Neng,keresa dijajap ku Akang?"
Mojang :"Mangga,mung aya saratna..."
Jajaka :"Naon saratna?"
Mojang :"Mapahna teu kenging pacaket tapi kedah aya jarak minimal satengah kilometer.."
Jajaka :"Sarua jeung bohong.."

Usaha
Mamang :"Emangmah sok heran ku jaman ayeuna, Jang...eta ningali jelema ku laloba duit, duka meunang timana nya...?"
Alo :"Ih, ari Emang,puguh sami abdi oge. Abdi ge gaduh tatangga...lamun dibumina kadangu aya sora orok ceurik pasti weh isukna atawa elatna 3 poe tiharita pasti meunang duit.."
Mamang :"Alah..boa-boa Jang..."
Alo :"Nu hiji deui mah tatanggi istri, Mang...mulihnateh sok subuh wae bari dijajapkeun ku pameget gentas-gentos. Carogenamah dibumi wae..icalan bubur sareng batagor.."
Mamang :"Nu tadimah munjung boa jang, lamun nu awewe eta boa bondon kitu?"
Alo :"Sanes Mang, nu tipayunmah padamelanana bidan, Mang...pami nu istri tukang batagormah purah kapasar,dijajapkeun ku ojeg...hehehe"
Mamang :"Na ari maneh sujang..ka kolot teh...

Komo Paisna
Akang :"Pisakumahaeun meureun nya hargana, cacakan atahna wae geus sakitu mahalna,komo deui asakna meureun...."
Ujang :"Naon Kang?"
Akang :"Eta, pais lauk Arowana..."
Ujang :"Naon Kang?"
Akang :"Eta, pais lauk Arowana..."
Heureuy Atawa Teu Ngarti
Aki :"Rek kamana jalu?"
Jalu :"Bade nambut PR Basa Sunda ka rerencangan, Ki.."
Aki :"Geuning aya PR basa Sunda nyah? akimah teu apal....Timimiti iraha cenah terbitna PR Basa Sunda teh jang?
Jalu :"Har,ari si aki...

Satia
Roni : "Bener satia pamajikan uingmah"
Rudi : "Cirina?"
Roni : " Eta we basa ditinggakeun ka luar negeri tilu taun katukang pan keur
kakandungan. Basa uing balik deui ka lemah cai teh manehna angger masih
keneh kakandungan da.

Langganan:
Komentar (Atom)